Minggu, 20 Mei 2012

Carpon Sunda


Dijemput Pati
Kring… Kring .. sora telepon isuk isuk ngagetkeun urang nu keur sasarean keneh. Keuheul oge urang teh da jarang hudang rada beurang kieu, tapi nya saha deui nu rek nelepon ka telepon imah isuk-isuk lamun lain si eta, si Robert ti ditu na mah ngahudangkeun urang meh sms na dibalesan.
“Teteh, itu angkat heula telepon Ibu nuju masak tempe bisi angus” sora pun Ibu meni tarik ngagetkeun nu keur lulungngu keneh
“Ah, keun lah bu sina pareum sorangan paling ge si Robert”
Ibu ngajawab tapi duka teuing ngomong naon teu jelas paling nanya kunaon teu diangkat. Ninggali kana jam weker warna koneng pinggireun tempat sare hadiah ti si Robert basa ulang taun ka 19 urang bulan kamari sok hayang seuri ninggalina maksud manehna meureun sina urang teu kabeurangan sabab jaman SMA baheula urang sering pisan kabeurangan. Tanda perhatian ti manehna tapi sabenerna 4 taun bobogohan teh aya titik jenuh oge, aya rasa nu munggaran beda dina manah jeung urang teu ngarti maksudna naon. Urang mandi tuluy siap-siap mangkat ka kampus.
Datang ka kampus urang teu langsung asup ka kelas tapi mampir heula ka fakultas Akuntansi rek papanggih jeung si Robert. Teu panggih hareupeun fakultas urang nanya ka baturna si Ema.
“Ma, ninggali si Robert teu?”
“Tadi mah aya didieu nungguan maneh lila pisan ceunah, ayeuna keur ka luar neangan sarapan”
“Oh, geus lila tacan kaluarna?”
“Nya aya 15 menit mah. Naha teu bebeja sugan?”
“Ambek jigana mah nungguan urang lila, urang teu mawa hp deui pang smskeun wae urang aya didieu kitu”
“Geus 4 taun masih keneh ambek kunu kitu sugan Zah? Yeuh ketik bae sorangan”. Urang padu seuri ditanya kitu mah emang adatna si Robert urangna keding salah nganteupkeun manehna. Teu lila disms si Robert datang.
“Tos lila didieu?” Jol bae urang teh tenang ari manehna geus datang mah
“Lumayan, hampura nya lami ngantosana urangna teu nyandak hp ”
“Nya teu nanaon. Aya kelas jam sabaraha?”
“Jam 10, salirana jam sabaraha?”
“Jam 1, ke uihna sareng nya” tidinya urang ngobrol ngaler ngidul nu teu puguh tuluy urang pamit rek asup ka kelas. Dikelas si horeng mah dosen na teh teu datang urang kalah milu ngarumpi di tukang baso jeung si Imah, si Wawan sobat urang ti jaman SMA.
“Zah, sms bae si Robert na suruh kadieu pan asa keur reuni SMA urangna” si Wawan nyuruh
“Teu usah deuh, manehna aya kelas ayeuna mah. Sering teuing bareng teh males euy Wan”
“Naha? Keur ambekan sugan?” si Imah nimbrung
“Teu Mah, urang kapikiran bae omongan indung urang euy. Kalah jadi galau urangna”
“Urang apal. Pasti masalah beda agama nya?”
Urang padu unggeuk
“Emang aya kemungkinan teu sih salah sahiji aya nu pindah agama?” pertanyaan si Wawan ngieun hate urang tambah norogtog tariis.
“Urang mah teu mungkin pindah Wan, lamun si Robert oge teu mungkin keluargana mah pageuh kana Kristen. Ceuk indung urang ayeuna mah lain masana nyobaan bobogohan komo diumur urang nu geus 20 jalan. Beuki lila hubungan tangtu bakal tambah hese pegatna. Tapi lamun kudu putus ayeuna urang can siap, can siap poho!”
“Lamun emang euweuh kemungkinan salah sahiji pindah agama mah emang mending pisah ayeuna Mah, bisi engke na tambah pabeulit. Ari maneh apal keluargana teu?”
“Urang apal, tapi da nya teu resmi apal na geh”
“Ceuk urang mah mending maneh istikharah bae Zah, menta patunjuk ka Gusti Alloh numana nu bener”
Obrolan beuki ngusik kana uneuk uneuk hate,  salila ieu urang mbung mikiran soal agama tapi ayeuna meureun geus wayahna urang mikir pamisah urang jeung si Robert nu moal aya jembatana. Anggeus kuliah urang balik bareng jeung si Robert, teu langsung ka imah urang menta anteur ka Gramedia heula rek meuli buku. Mantare urang milihan buku sangaja urang neteup sekeut raray manehna, urang ngarasa nyaman, tentrem, pinuh rasa nyaah, pikiran urang ngalayang kamana-mana naha urang kudu dipisahkeun ku benteng anu hese dirubuhkeunana? Naha baheula urang kudu bobogohan teu kapikir ujungna pasti bakal nyeuri? jeung loba deui pertanyaan anu ku urang teu bisa jawab dina hate. Teu karasa nepi ka cai mata urang ngabaseuhan pipi, laun laun ngeclak murag kana buku nu keur di cekelan. Manehna balik neteup, urang langsung tungkul tapi manehna nyaho yen urang ceurik. Manehna teu langsung nanya urang naha ngan ngeupeul lengeun urang tur kaluar ti Gramedia mawa urang ka tempat biasa urang duaan taman pinggireun gereja Catredal.
“Aya naon? Naha geuning cenggeng?” manehna mere pertanyaan anu teu bisa ku urang jawab
“Heunteu”
“Tong bohong, jujur sok” kata-katana meni halus, tulus.
“Bert, Zahra teh alim pami kedah kaleungitan maneh mah, urang teh sasarengan ti jaman urang masih bodo, culun nepi ka ayeuna dewasa. Tapi urang oge dipisahkeun ku tembok nu kalawan jangkung hese dirobohkeun. Ceuk Zahra mah ayeuna atawa engke oge sami wae bakal nyeuri”
 “Maksud maneh urang teh kedah putus ayeuna?”
 “Ayeuna atawa engke oge sami wae Bert, sami! Sami bakal peurih bakal nyeuri!”
Robert heunteu ngajawab mung ninggali ka langit terus narik napas panjang, urang pusing hate urang tambah gamang. Urang dianteur balik ku si Robert tapi sapanjang jalan teu aya omongan nanaon. Peutingna urang teu bisa sare, ninggalikeun bae jam weker koneng nunjukeun masih jam 01.00 peuting teuing naon ku urang rasakeun ayeuna seneng leupas tina beban pikiran atawa keur nganyeunyeuri diri sorangan. Aya samingguna ti kajadian poe eta urang teu komunikasi jeung si Robert, tara papanggihan atawa ulin bareng. Pernah panggih manehna aya di Fakultas Ekonomi jeung si Ema tapi urang teu nyampeurkeun. Kaleungitan nya ngan rasa eta hiji anu ku urang rasakeun ayeuna, biasana unggal poe bareng unggal poe panggih unggal poe sampe asa bosen tur ayeuna jadi teu aya, jadi sorangan jadi asa aya nu leungit aya nu kurang. Bert, maneh ngarasakeun nu ku urang rasakeun teu? Kieu sugan patah hati teh?
Sabulan, dua bulan, tilu bulan, waktu maksa urang mohokeun si Robert tapi hate mah anggeur nyimpen rasa anu teu pernah leungit ti awal urang papanggih 4 taun katukang. Poe ieu ulang taun ka-20 si Robert ti jauh jauh poe urang geus pesen sapu tangan keur kado jeung manehna biasana mun salah sahiji ulang taun urang bakal datang ka tempat anu sarua ka taman pinggir gereja. Poe ieu urang teu kuliah hoream da awak ge rada teu arenak, urang datang ka taman ieu deui sorangan. Urang diuk ditempat kamari ieu duaan jeung si Robert. Dina jeroeun hate urang teu munafek, urang sono ka manehna urang ngarep manehna inget tempat ieu.
Disebrangeun urang diuk aya tangkal caringin gede pisan diditu katenjona rame tur urang nimukeun raray raray anu teu asing diditu aya Imah, Wawan, Ema, Riki, Entin, jeung.. Robert enya itu si Robert. Urang hudang rek nyampeurkeun kaditu tapi hate urang asa kasodetan ku silet basa katempo ku mata sorangan si Ema nangkeup si Robert jeung si Robert na cicing bae katempona mah si Ema mere kado warna biru kotakna teh. Teu loba ngomong urang malangkeun kotak kado nu ku urang bawa tur lumpat ka jauh mawa beban nu leuwih beurat, mawa kanyeuri anu hebat jeung kahadang ku loba tanda tanya dina hate urang hate anu nyeuri kacida. Balik tidinya awak urang asa ringsek tapi anggeur leuwih ringsek hate urang, meureun kuduna urang seneng yen Robert geus menangkeun nu anyar, nu leuwih hade jeung nu leuwih penting nu sa-agama! Ibu urang teu nyaho naon nu ku urang rasakeun tapi poe iyeu Ibu nimukeun peurih hate urang tinu sorot mata urang. Urang geuring, geuring lahir tur geuring batin.
“Zahra, tong nyiksa diri. Upami hoyong ngaleupaskeun sok tong nanggung tapi upami hoyong manjang sok keupeul sing pageuh” sora Ibu meni halus asup kana jero hate urang
“Zahra lieur Bu, ayeuna atawa engke oge pan sami bae urang bakal papisah jiga kieu”
“Tong satengah satengah mun bade dipertahankeun sok pertahankeun”
Obrolan sareng ibu tadi ngieun urang galau, tapi naon ku urang tempo tadi beurang asa geus cukup jadi bukti yen Robert teh teu kabeuratan putus jeung urang. Satacan sare urang ngetik sms ka Robert
                Enjing tiasa pendak sakedap ditempat biasa jam 10?
Samenit dua menit sajam dua jam teu aya balesan nepi ka urang kasarean nungguanana. Isukna urang hudang isuk-isuk samemeh adan subuh ninggali kana hp teu aya balesan ti si Robert tapi urang geus niat yen poe iyeu rek nungguan manehna di taman. Jam nunjukeun kakara jam 9 tapi urang geus siap mangkat ka taman sangaja bolos heula kuliah alesana mah geuring. Urang diuk dina korsi dekeut lampu taman. Kakara jam satengah 10 urang diuk bari maca buku psykologi jang bahan uas minggu hareup. Teu karasa geus adan dzuhur, langit nu tadina cerah berubah poek da ditutupan ku mendung. Urang nahan sakuatna meh cimata teu kaluar, nahan nyoba ngahibur diri sorangan, urang leumpang ka mushala nu rada jauh ti Taman. Hujan turun jiga cai na ember nu dibahekeun langsung gede kaluar ti mushala urang ngaluarkeun payung rek balik ka imah mawa kapeurih tapi urang hayang mastikeun deui ka taman bener kitu si Robert teu datang. Urang belok deui ka taman dina korsi nu tadi urang diuk aya saurang nu geus teu asing, jangkung, make baju hideung keur huhujanan. Urang nyampeurkeun bari mayungan manehna
“Robert?”
“Hampura nya Zah, urang tadi ka gereja heula heunteu langsung kadieu”
“Muhun, teu nanaon. Tong didieu hujan”
“Zah, urang teu bisa lamun kudu jauh ti maneh deui. Urang teu bisa terus munafek”
Ngadenge kitu urang teu bisa nahan cimata, brug bae urang nangkeup awak baseuh nu aya hareupeun
“Zahra, kumaha lamun urang nikah bae”
Dagdigdug hate teu puguh rasa ditanya kitu mah, urang hayang, hayang pisan jadi pamajikan manehna tapi kumaha tembok pamisah urang sakitu jangkungna
“Zahra teu tiasa nolak, tapi kumaha jeung pamisah urang nu moal aya jembatanana?”
“Tong hariwang, urang bakal pisah ku hiji alesan”
“Naon eta Bert?”
“Pati”
Urang nangkeup beuki pageuh asa urang moal boga kasempetan deui nangkeup manehna sakitu pageuhna. Urang sieun kaleungitan manehna. Poe eta urang huhujanan tapi teu karasa tiris kusabab hate teu ngarasa sepi deui didieu dina hate urang ngan aya hiji ngaran nyaeta ngaran si Robert. Poe poe kahareupna kaliwatan ku uas jeung ngumpulkeun tugas tugas ahir nu kalayan lancar unggal poe urang bareng jeung si Robert. Ahirna urang nyampe kana liburan semester. Minggu pertama liburan urang ngondang babaturan sarerea kusabab aya acara sukuran pun Ibu buka cabang catring deui. Aya si best friend urang si Wawan, si Imah jeung teu kalewan si Robert oge datang.
“Zahra, kersa heunteu maneh jadi Ibu ti anak-anak Obet?” Pertanyaan si Robert ngagetkeun urang soalna urang keur ngarumpul jeung pada babaturan.
“Zahra teu tiasa nolak Bet. Tapi ijin heula ka Ibu da Zahra mah tos teu gaduh Apa”
Ngan sakitu jawaban urang sadayana ninggali ka arah ibu, pun ibu ukur unggeuk bari imut. Hatur nuhun Bu, hatur nuhun pisan.
“Berarti tinggal hiji deui, ijin ka apana Obet” ceuk wawan bari seuri
“Beu atuh Bet ek iraha?” Imah milu nguyahan
“Ayeuna atuh beu, wios heunteu tanteu dewi” ceuk obet nanya ka Ibu
“Mangga kasep, kahade nya kamari Zahra nuju teu damang”
“Heunteu Ibu ayeuna mah tos sehat” tembal urang bari sura-seuri
“Sehat pedah dilamar ku Obet” Wawan ngaheureuyan, geur nu aya didinya sasaleurian.
Teu lila tas aremam urang sadaya der ka imahna Robert rek ngalamar resmi tidituna mah kabeneran oge iyeu teh weekend jadi Apa sareng Ibuna oge aya dirompok. Sabenerna urang teu ngarti naon nu aya dina alan pikirana si Robert, asa teu aya beban pisan atawa poho yen urang teh beda agama, ah da asa teu mungkin. Sapanjang jalan urang neteup seukeut raray si Obet nu teu lila bakal jadi salaki urang.
“Tong ninggalikeun bae atuh ah, era jadina teh” Disindir kitu mah urang the kalah beureum pipina
“Hoyong ninggalikeun si Robert satacan manehna gaduh pamajikan”
Manehna seuseurian tapi seurina teu lila langsung rubah jadi pucet. Urang aya dina pertigaan lampu merah antri panghareupna dituturkeun ku mobil-mobil sejen ditukangeun. Urang kaget dihareupeun urang aya 2 bus ti 2 arah nu papalingpang, 5 detik brug mobil 2 tabrakan pas dihareupeun mata urang bakating ku tarik bus nu hijina ngaguling ka arah kiri, ka arah urang. Urang teu bisa kamana-mana, urang nangkeup si Robert nu ka terakhir kali na enya terakhir kalian, bus nindihan mobil si Robert ngancurkeun kaca hareup jeung ngaringsekeun mobil Honda City nu platna D 193333 RZ. Ayeuna urang apal kana maksud Gusti Allah, Allah bakal ngahijikeun urang jeung si Robert di akherat nu abadi. Urang bagja ayeuna bisa duaan jeung si Robert unggal detik unggal menit seuri nu abadi ninggali raga urang jeung si Robert disandingkeun duaan. Urang di kafanan, si Robert di kamejaan urang abadi duduaan dina dunya anu beda. 


Ket : Cerita ini hanya fiktif belaka dan dilindungi Undang-Undang Hak Cipta. Dibuat untuk memenuhi tugas Bahasa Sunda kelas XI semester 2. Jika mau mengcopy sertakan pengarangnya yaaa :)) 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar